Bismillahirrahmanirrahim
Assalamualaikum wr wb
Wilujeng enjing barudak kelas 2 SD Juara sadayana...
Kumaha kabarna? mugia sehat sadayana nya shalih shalihah..
Insya Allah dinten ayeuna bu Upi bade masihan tugas ngabantosan ummi/ mama/ bunda di bumi nya.
Tugas kangge kelas 2 dinten ayeuna nyaeta :
1. Beberes kasur. (nilepan simbut/ selimut, menyusun bantal sareng ngarapikeun sprei kasur)
2. Kukumbah piring, gelas sareng sendok anu tos dianggo nyalira.
Upami tos beres tugas anu diluhur, teraskeun ngerjakeun tugas dihandap ieu.
3. Nyaksikeun pidio kawih barudak Jawa Barat "Tokecang".
Lirik lagu Tokecang
Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang sapependil kosong
Aya listrik di masigit meuni caang katingalna
Aya istri jangkung alit karangan dina pipina
Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang angeun kacang sapependil kosong
Silakan ditonton oleh kalian kemudian dihafalkan yaa.. Apabila sudah hafal nyanyikan kemudian rekam dengan voice note dan kirimkan ke nomor Whatsapp Bu Upi yaa...
Ditunggu hingga pkl 14.00 hari ini yaa
Mung sakitu pangajaran dinten ayeuna.
Hapunten bilih aya kalepatan.
Wassalamualaikum wr wb.