Senin, 13 Juli 2020

Kamis, 16 Juli 2020_BSL Kelas 4 Ngajaga kabersihan panangan

Bahasa Sunda & Lingkungan (kelas 4)                                          Pekan 1


Bismillahirrahmanirrahiim 

Assalamualaikum wr wb

Wiujeng enjing murangkalih SD Juara. Insya Allah semester ayeuna Bu Upi bade ngawulang pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan. Dinten ayeuna urang ngawitan diajar ngajaga kebersihan tangan.

Murangkalih sadayana, dina kondisi pandemi Korona sapertos ayeuna. Ngajaga kabersihan sareng kaayaan kasehatan teh penting pisan pikeun dilakukeun ku sadayana, khususna murangkalih. Upami urang sok ngajaga kabersihan pribadi, panyakit naon oge eunteup. Ngajaga kabersihan teh nuju usum COVID ieu mah utamina ngajagi kebersihan panangan ku cara wawasuh panangan.

Kunaon sih urang kedah rajin ngawasuh panangan? Pek tingal gambar di palih dieu.

Wah naon nya eta teh? Aya nu terang?

Muhun leres, eta teh nyaéta gambaran kuman nu aya dina panangan urang. Sabenerna, kumaha nya bentuk kuman upami diperbesar? hayu urang ningali gambar di handap ieu.

Hii, sieun nya? Aya nu hoyong  dina pananganna aya kuman ieu? Pasti teu aya nu hoyong nya. Aya nu terang teu kuman ieu teh asalna ti mana sih?

Wah, geuningan asalna ti barang-barangna aya di sabudeureun urang nya. Aya remot, hp, troli, tangga, keyboard, beurit, artos, konci, gagang panto, sareng anu sanésna. Seueur pisan nya geuningan. Tapi urang tiasa nyegah kuman-kuman  aya dina leungeun urang carana nyaeta sering ngumbah leungeun nganggo sabun atanapi nganggo handsanitizer.

Jadi, tong hilap ngajaga kabersihan unggal dinten nya shalih shalihah.

Tugasna :
           1. Nyikat waos

2. Ngawasuh panangan + motong kuku

3. Nyapu

Upami atos salse ngalaksanakeun  tugasna dilajengkeun nggagambar rarai nuju seuri dina tabel nu tos disadiakeun. J mung upami henteu ngalaksanakeun tugas, diisi ku cakra (X). Jazakumullah khair shalih shalihah tos diajar sareng bu Upi dinten ayeuna. 
Tetep jaga kebersihan nya!

Nama : ______________                                                Kelas : IV (empat)

No

Kegiatan

Keterangan

1.

Nyikat waos

 

2.

Wawasuh panangan + Motong kuku

 

3.

Nyapu

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Rangkuman Materi BSL kelas 2

  Assalammualaikum Anak-anak untuk mempermudah pembelajaran dan persiapan menuju PAS BSL semester 1.. ibu lampirkan disini rangkuman materi ...