Rabu, 29 Juli 2020

Rabu, 29 Juli 2020 Ngajaga Kabersihan Waos

Bismillahirrahmanirrahim

Assalamualaikum wr wb

        Wilujeng enjing barudak SD Juara. Kumaha kabarna? Mugi sehat sadayana nya. Insya Allah dinten ieu urang bade diajar materi ngajaga kabersihan waos. Sateuacan dikawitan materi hayu urang regepkeun heula video di aplikasi.

        Dina baham jalmi aya sababaraha jenis kuman, tapi teu sadayana kuman eta ngabahayakeun. Mung, upami teu dijaga kabersihana utamina letah sareng waos, sababaraha jenis kuman waos tiasa nyababkeun masalah kaséhatan.
        
Ieu aya sababaraha kabiasaan anu tiasa nyababkeun kuman jahat sumping teras ngaganggu kaséhatan.

  • 1.    Seueur teuing neda nu amis

  • 2.    Males nyikat waos

Masalah kaséhatan anu disababkeun kuman waos diantawisna, nyaeta :

1.    Nyeuri waos, bau baham jeung waos jadi bolong.

Kusabab seueur kuman waos anu tiasa ngaganggu kasehatan, jadi urang kedah leres miara waos sareng letah.

Carana nyaéta rutin meresihan waos dua kali sadinten, ningkatkeun konsumsi  katuangan nu ngandung serat sapertos buah sareng sayuran, ngirangan katuangan sareng inuman anu amis, sareng rutin pariksa waos ka dokter unggal 6 bulan sakali.

Sumber : https://www.alodokter.com/5-penyakit-ini-disebabkan-kuman-gigi-yang-merugikan

Upami atos ngalaksanakeun tugasna, dilajengkeun ku nggagambar rarai nuju seuri dina tabel nu tos disadiakeun. J mung upami henteu ngalaksanakeun tugas, diisi ku cakra (X).

Jazakumullah khair shalih shalihah, tetep kedah jaga kebersihan nya!


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Rangkuman Materi BSL kelas 2

  Assalammualaikum Anak-anak untuk mempermudah pembelajaran dan persiapan menuju PAS BSL semester 1.. ibu lampirkan disini rangkuman materi ...