Assalamualaikum wr wb
Wilujeng enjing barudak kelas 3 SD Juara Bandung
Tepang deui sareng bu Upi dina pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan
Kumaha kabarna sadayana? Mugi urang sadayana aya dina tangtayungan Gusti Allah SWT, sareng mugi sehat sadayana nya. Aamiin
Dinten ayeuna insya Allah urang bade diajar "Mikawanoh Kaulinan barudak" aya nu terang hartosna naon?
mikawanoh artinya adalah mengenal
kaulinan artinya permainan
barudak artinya anak-anak
jadi hartosna nyaeta "Mengenal permainan anak-anak".
Tah, ayeuna hayu urang regepkeun heula pidio yuk!
Atos diregepkeun pidiona sadayana? Cik, aya nu pernah maenkeun salahsahijina teu?
Jadi, nu aya dina pidio tadi teh nyaeta kaulinan nu biasa dipaenkeun ku barudak jaman kiwari sateuacan rame ku teknologi sapertos ayeuna. Kaulinan barudak ge rame pisan upami dipaenkeun di jaman ayeuna. Mangga hidep cobian nya di bumi masing-masing. :)
Ayeuna aya tugas nu kedah dierjakeun ku hidep. Tugasna aya dina map masing-masing nyaeta di Lembar Kerja pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan. Tong hilap dipasihan nami sareng kelas atanapi nomor absen nya..
Mung sakitu pangajaran dinten ayeuna, hapunteun bilih aya kalepatan.
Wassalamualaikum wr wb
Tugas

Adli hadir
BalasHapus