Rabu, 16 September 2020

Rabu, 16 September 2020 Tokoh Pahlawan ti Jawa Barat (kelas 5)

Bismillahirrahmanirrahim 
Assalamualaikum wr wb 
Wilujeng enjing barudak kelas 5 SD Juara Bandung
Tepang deui sareng bu Upi dina pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan 
Kumaha kabarna sadayana? Mugi urang sadayana aya dina tangtayungan Gusti Allah SWT, sareng mugi sehat sadayana nya. Aamiin
Dinten ayeuna insya Allah urang bade diajar "Tokoh Pahlawan ti Jawa Barat" aya nu terang saha wae tokoh Pahlawan ti Jawa Barat teh saha wae? 
Bu Upi bade ngenalkeun hiji pahlawan ti Jawa Barat. Kira-kira saha nya?
Tah, ayeuna hayu urang regepkeun heula pidio yuk!


Kumaha tos diregepkeun pidiona? 
Saha sih pahlawan nu disebatkeun dina pidio teh? Leres, namina nyaeta raden Dewi Sartika. Anjeunna teh salahsahiji pahlawan nu asalna ti Jawa Barat. 


Ayeuna aya tugas nu kedah dierjakeun ku hidep. Tugasna aya dina map masing-masing nyaeta di Lembar Kerja pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan. Tong hilap dipasihan nami sareng kelas atanapi nomor absen nya..
Mung sakitu pangajaran dinten ayeuna, hapunteun bilih aya kalepatan. 

Wassalamualaikum wr wb

Tugas 

7 komentar:

Rangkuman Materi BSL kelas 2

  Assalammualaikum Anak-anak untuk mempermudah pembelajaran dan persiapan menuju PAS BSL semester 1.. ibu lampirkan disini rangkuman materi ...