Assalamualaikum wr wb
Wilujeng enjing barudak kelas 6 SD Juara
Tepang deui sareng bu Upi dina pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan
Insya Allah dinten ayeuna urang bade ngalaksanakeun Penilaian Tengah Semester atanapi PTS.
Saluyu sareng kisi-kisi anu tos diinpokeun, tes dinten ayeuna judulna teh ngaregepkeun dongeng/ legenda ti Jawa Barat. Nu bakal di tes nyaeta
Membaca teks dongeng/ legenda dalam bahasa sunda dari Jawa
Barat kemudian menjelaskan unsur dari teks tersebut, yaitu :
a. Tokohna
b. Karekter
tokoh
c. Tampat
/ latar cerita
d. Amanat
cerita
Ayeuna mangga baca teras regepkeun teks carita dihandap ieu
Sasakala Situ Bagendit :: Dongéng
Jaman baheula di hiji lembur aya randa beunghar, ceuk
paribasana beungharna Nyi Randa téh éstu lubak-libuk sagala boga. Kakayaanana
bru di juru bro di panto.
Éta Nyi Randa téh katelahna Nyi Endit. Awakna jangkung rada
ngeusi tapi sorana cempréng. Mun pareng nyarékan bujangna atawa barudak sok
laklak dasar bari sorana matak katorékan. Rupana henteu geulis kitu wé saperti
urang lembur nu séjén kasebut ngan ukur jajar pasar. Tapi lantaran perbawa
kabeungharanana, manéhna asa panggeulisna di lembur éta téh. Sapopoé gawéna
ngan ukur midang némbongkeun papakéan jeung perhiasan emas berlian anu sarwa
alus. Kongkorong emasna sagedé nyéré digantelan ku liontin sagede jengkol.
Beulang kénca katuhu bari alina reunceum dina ramona. Jaba ti éta antingna
guntang-gantung beuki tambah gonjleng. Dahareunana, unggal poé ngajagrag dina
méja. Iwal ti sangu jeung deungeunna dina méja séjén aya rupa-rupa bangbuahan.
Éta kadaharan anu sakitu ngaleuyana téh éstu tara kasoro ku batur, sanajan di
imahna téh aya nu babantu. Jadi sanajan loba dahareun gé, Nyi Endit mah tara
daék barangbéré ka batur. Tah najan paparéntah kana gawé mah ceréwéd pisan ka
bujang téh ari muruhan mah itungan pisan. Ku kituna, ku urang dinya mah Nyi
Endit téh katelah Nyi randa medit. Batur salemburna geus apal pisan, meditna
Nyi Endit lain baé karasa ku bujang-bujangna tapi ogé karasa ku batur
salemburna. Nyi Endit mah tara daék campur jeung urang lembur da cenah sieun
karebut harta bendana, tara daék méré sumbangan keur nu miskin. Mun pareng aya
nu baramaén ngalanto ka buruanana sok nitah bujangna ngabuburak, ngusir nitah
jaun ulah asup ka buruan. Di lembur éta Nyi Endit siga pisan nu hirup sorangan teu
maliré ka tatangga, tara daék nulung ka nu butuh tara daék nalang ka nu susah.
Sapopoéna nu diriksa ditalingakeun téh ngan ukur harta bandana, sieun aya nu
leungit sieun aya nu maling. Leuit nu ngajajar digembok dikoncian, pakéan
ditumpuk-timpuk dilomarian, duit disumput-sumput dina handapeun kasur.
Dina hiji poé ka buruanana aya hiji aki-aki. Awakna begéng
bari geus bongkok, maké dudukuy samak geus rawing, léngkahna dibarengan iteuk,
pakéanana rudin kuleuheu. Éta aki-aki teu kanyahoan ti mana jolna ujug geus
ngajengjen hareupeun panto bari pok uluk salam ka nu boga imah.
“Assalamualaikum, nu kagungan bumi aya linggih? Punten aki kamawantun …
nyuhungkeun sangu sakedik mah… lapar aki téh”. Kitu pokna bari brek diuk dina
émpér.
Barang Nyi Endit ngadéngé aya nu pupuntenan bari rék ménta
sangu, gancang baé mukakeun panto. Nyi Endit ngabedega dina panto bari
tutunjuk, pok ngagorowok “Naon ménta sangu.. naha kami boga dahareun téh
beunang barangpénta kitu. Lapar... Usaha atuh lain baramaén”. Nyi Endit pohara ambekna
kadatangan aki-aki téh. Lin baé tutunjuk ngusir tapi bari jeung nyuntrungkeun
aki-aki ti émpér ka buruan. “Ka ditu indit montong datang ka dieu” bari nitah
badegana ngusir aki-aki ti buruanana. Aki-aki teu bisa kumaha, terus ka luar
ditungtun ku tukang kebon. Hatena pohara nyerina ngadéngé babasan Nyi Endit anu
kasar, ngusir asa popohoan pisan. Barang geus kaluar ti buruan Nyi Endit, éta
aki-aki téh teu aya nu nganyahoankeun kamana léosna, tingal iteukna wé nanceb
diburuan Nyi Endit, poho mawa meureun aki-aki téh. Ambekna Nyi Endit acan
leler, rét kana iteuk anu nanceb, sérénténg baé, iteuk dicabut bari
dibalangkeun ka jalan. Tapi anéh bin ajaib, tina tapak iteuk dicecebkeun téh
bet bijil cai mancer kaluhur. Beuki lila beuki gedé ngaburial ti jero taneuh
nepi ka ngagulidag minuhan buruan. Nyi Endit pohara reuwasanana, manéhna
gogorowokan ka bujang-bujangna nitah nyocokan liang cai. Tapi cai lain ngorotan
malah beuki gedé, terus lebleban ngeueum sagala nu aya kaasup imah jeung harta
banda Nyi Endit. Nyi Endit jejeritan ménta tulung bari teu leupas ngagagandong
harta emas berlianana. Tatangga boro-boro hayang nulungan, kabéh mupuas da
bongan manéhna gé tara daék tutulung ka batur. Cai anu bijil tina iteuk aki-aki
téa beuki gedé ngumpul ngabalong. Imah Nyi Endit ngalelep kakeueum cai, Nyi
Enditna tembong ngangkleung di tengah cai bari keukeuh nanangkeup gembolan
barang-barangna. Teu kungsi lila Nyi Endit teu tembong deui ngilu tilelep ka
jero cai. Éta cai nu terus ngagulidag, beuki lila terus ngabalong gedé pisan
nepi ka jadi situ. Éta situ nepi kiwari katelah Situ Bagendit. Pernahna di
wewengkon Kabupaten Garut. ( Sumber: Helins / Mangle No. 2281)
Read more:
http://archive69blog.blogspot.com/2014/04/sasakala-situ-bagendit-dongeng.html#ixzz6YGnVK6JF
Upami tos beres dibaca, ayeuna aya pananya nu kedah dijawab.
Jawabana diserat di kertas HVS A4.
Dipasihan nami sareng nomor absen
Unggal jawaban dipasihan nomer
Dikempelkeun dinten Senen di waktos nyandak modul.
Soal
Baca teks carita “Situ Bagendit” kangge ngajawab soal di
handap ieu.
1. Saha wae
tokoh nu aya dina carita?
2. Kumaha
wae karakter tokoh anu aya dina carita?
3. Dimana
latar tempat nu aya dina carita teh?
4. Naon amanat
nu tiasa dicandak dina eta carita teh?
Mangga hidep kerjakeun di dinten anu saluyu sareng jadwalna. Jazakumullah khair.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar