Selasa, 29 September 2020

Selasa, 29 September 2020 Biografi tokoh (kelas 6)

Bismillahirrahmanirrahim

Assalamualaikum wr wb

Wilujeng Enjing barudak kelas 6...

Kumaha kabarna sadayana? Mugia sadayana aya dina tangtayungan Gusti Allah sareng sarehat sadayana. Aamiin

Insya Allah dinten ieu urang bade diajar "biografi tokoh".
Tokoh nu bade di aos ayeuna nyaeta dalang Asep Sunandar Sunarya.
Mangga regepkeu heula pedaran dihandap ieu.

Asep Sunandar Sunarya




Asep Sunandar Sunarya anu leuwih biasa disebut Ki Asep Sunandar Sunarya (gumelar di Bandung, 3 September 1955 – tilar dunya di Bandung, 31 Maret 2014 dina unur 58 taun) nya eta salahsahiji dalang fenomenal dina wayang golek. Malah oba anu nyebutkeun yen anjeunna hiji maestro wayang golek di Indonesia.


Salaku dalang wayang golek, Asep Sunandar Sunarya teu incah balilahan, tetep panceg dina widang garapanana. Rupina Allah SWT parantos nakdirkeun anjeunna pikeun jadi dalang anu saestuna. Anjeunna lir ibarat parantos leres-leres ngahiji, gumulung sareng dunya wayang golek anu dilakonana. Ku kituna rupa-rupa pangajen ti tingkat lokal, propinsi, nasional, malah mancanagara kantos katampi ku anjeunna.

Saumpama teu kongsi aya Asep Sunandar Sunarya, sigana tokoh Cepot dina pawayangan moal kakoncara kawas ayeuna. Alatan kamotekaran sarta inovasi anu diolah kalayan junun ku Asep Sunandar Sunarya, seni wayang golek anu dianggap kampungan ku sababaraha ngaronjat darajatna.

Ngaronjatna ajen seni wayang golek teh, pedah ku Asep Sunandar Sunarya dipintonkeun kalayan motekar, di antarana Cepot anu bisa unggeuk, Buta anuu utah emih, Arjuna anu mentang panah, Bima anu metakeun gadana, sarta papakean wayang-wayangna anu katembongna mentereng.

Hasil perjuangan anu teu eureun dipilampah, boh mangrupa pangasilan dina wujud harta banda, boh sohorna ngaran, kalayang nyorang sagala pangalaman pikabungaheun atawa katunggaran, teu weleh disanghareupan dina sapanjang lalakon kahirupan Asep Sunandar, kalayan kayakinan yen ngawujudna kasenengan mangrupa buah tina kasabaran mangsa nyorang kasusah.

Loba jalma anu henteu nganyahoankeun, yen jalan anu dilakonan ku Asep Sunandar Sunarya dina profesi dalang, kawilang tarahal, malah dina mangsa munggaran nyorang karirna, mindeng narima kritikan anu peureus ti sawatara pihak, utamana ti ramana ku anjeun (Abah Sunarya)

“Unggal kuring ngarengsekeun pintonan wayang, Abah sok nyebut “goreng” (awon) kana hal-hal anu dilakonan ku kuring. Abah teh kolot kuring anu kawilang kucem. Tapi aneh, waktos Abah nyaksian pintonan kuring ngadalang bari diwuwuh ku ngabodor, anjeunna tiasa gumujeng.”
“Pikeun kuring, sakumaha peureusna kritikan ti Abah, jadi pupuk sarta pecut anu jadi pangdorong dina ngaronjatkeun kaparigelan. Kaayaan kuring kiwari, kapan alatan tina lalampahan kamari.” Ceuk Asep

Tugas 
Sabada hidep ngaregepkeun biografi Asep Sunandar Sunarya, prak jieun ringkesanana ku hidep, ku cara ngalengkepan kalimah-kalimah di handap. 
a. Asep Sunandar Sunarya lahir di __________________________
____________________________________________________
b. Widang garepan anjeunna nyaeta ________________________
____________________________________________________
c. Asep Sunandar Sunarya pinunjul dina hal __________________
____________________________________________________
d. Sikep Asep Sunandar Sunarya anu picontoeun nyaeta ________
____________________________________________________
e. Pamendak abdi ngeunaan Asep Sunandar Sunarya nyaeta _____
____________________________________________________

Upami tos dikerjakeun mangga dipasihan nami sareng nomer absen nya.
Mung sakitu pangajaran dinten ayeuna.
Jazakumullah khair
Wassalamualaikum wr wb

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Rangkuman Materi BSL kelas 2

  Assalammualaikum Anak-anak untuk mempermudah pembelajaran dan persiapan menuju PAS BSL semester 1.. ibu lampirkan disini rangkuman materi ...