Bismillahirrahmanirrahim Assalamualaikum wr wb
Wilujeng enjing barudak SD Juara
Tepang deui sareng bu Upi dina pangajaran Basa Sunda & Lingkungan
Kumaha kabarna sadayana? Mugia sadayana sehat nya..
Insya Allah dinten ieu urang bade diajar paguneman atanapi dialog.
Mangga baca heula conto paguneman dihandap ieu.
CONTO PERCAKAPAN 1
Bu Lisa : Meser naon bu Ning?
Bu Ning : Ieu bu pilari sayuran kangkung,bayem,kacang,sarta sanes-sanes hoyong kanggo damel lalaban.
Bu Lisa : Hoyong damel lalaban damel pecel lele atawa hayam goreng bu?
Bu Ning : Hoyong masak pecel lele bu ieu. Bu Lisa hoyong masak naon?
Bu Lisa : Hoyong pilari sayuran hoyong damel rendang.
Bu Ning : Wah raos nya bu?
Bu Lisa : Heueuh soalna anak abdi ti Jakarta hoyong wangsul.
CONTO PERCAKAPAN 2
Dini : Dian, kumaha ayeuna jadi teu ngalongok Nisa teh? (Andi bagaimana sekarang jadi tidak untuk melihat nisa?)
Andi : Jadi atuh, emang ari nisa teh panyawatna naon nya? (Jadi dong, memangnya kalau nisa itu penyakitnya apa ya?)
Dini : Saur mamahna mah tifus (Katanya tifus)
Andi : Aduh karunya nya? (Aduh kasihan ya?)
Dini : Muhun (Iya?)
Andi : Ari Dini terang teu bumi na Nisa teh dimana? (Kalau dini tahu tidak rumahnya nisa itu dimana?)
Dini : Saur Nisa mah bumina teh di jln. Melati no. 12 ari bumina warna bodas cenah. (Kata nisa rumahnya di jln. Melati no.12 kalau ruymahnya warna putih katanya)
Andi : Oh nya atuh, hayu urang ka bumina ayeuna! (Oh ya sudah, mari kita ke rumahnya sekarang!)
Dini : Hayu! (Ayo/Mari!)
Regepkeun conto paguneman atanapi dialog diluhur.
Tugas BSL dinten ayeuna nyaeta mangga hidep latihan nyieun paguneman sapertos conto, kangge persiapan tugas minggon payun.