Assalamualaikum wr wb
Wilujeng enjing barudak kelas 4 SD Juara Bandung
Tepang deui sareng bu Upi dina pangajaran Basa Sunda & Lingkungan
Kumaha kabarna sadayana? Mugia sehat sadayana nya.
Insya Allah dinten ayeuna urang bade diajar "kecap pananya".
Mangga hidep regepkeun materi singkat dihandap ieu.
Kecap pananya
Naon (nanyakeun benda atanapi kagiatan)
Saha (nanyakeun palaku)
Dimana (nanyakeun tempat)
Kunaon (nanyakeun sabab)
Iraha (nanyakeun waktos)
Kumaha (nanyakeun cara)
Conto kalima pananya
(naon)
Naon anu Rina lakukeun dina liburan kamari?
Naon wae katuangeun nu sehat teh?
(saha)
Saha dalang nu populerkeun Si Cepot teh?
Saha nami anjeun?
(dimana)
Dimana anjeun sakola?
(kunaon)
Kunaon kamari bisa banjir?
(iraha)
Iraha ibu angkat ka pasar?
(kumaha)
Kumaha cara masak endog teh?
Ayeuna aya tugas nu kedah hidep kerjakeun dina Lembar Kerja Bahasa Sunda & Lingkungan. Tong hilap pasihan nami sareng nomer absen.
Mung sakitu pangajaran dinten ayeuna. Hapunten bilih aya kalepatan.
Wassalamualaikum wr wb

No 24 rizky anugrah pratama
BalasHapus