Bismillahirrahmanirrahim
Assalamualaikum wr wb
Wilujeng enjing kelas 5 sadayana..
Tepang deui sareng bu Upi dina pangajaran Basa Sunda & Lingkungan
Kumaha kabarna sadayana? Mugia aya dina tangtayungan Gusti Allah SWT. aamiin
Insya Allah dinten ayeuna bu Upi bade masihan tugas nyaeta milarian inpormasi.
Inpo nu kedah dipilarian nyaeta "Budaya Urang Sunda"
Mangga hidep pilarian naon wae budaya urang sunda carana tiasa tina ngawawancara Ummi, Abi, tatanggi, Uwa, Bibi, Emang, Aki, atanapi Nini. Nu jelas upami tiasa mah urang sunda asli.
Janten engké bakal kéngingkeun inpormasi anu akurat.
Daptar pananya:
1. Naon wae budaya Urang Sunda nu aya ti jaman baheula dugi ka ayeuna?
2. Naon wae budaya Urang Sunda nu kedah dilestarikeun?
3. Kunaon budaya Urang Sunda teh kedah dilestarikeun?
Mangga ku hidep seratkeun dina kertas salambar. Engke minggon payun hijikeun sareng buku tugas nu minggon ayeuna nuju dikempelkeun nya.
Mung sakitu pangajaran dinten ayeuna.
Hapunten bilih aya kalepatan
Tidak ada komentar:
Posting Komentar