Bismillahirrahmanirrahim
Assalamualaikum wr wb
Wilujeng enjing barudak kelas 1a sareng ab SD Juara sadayana...
Tepang deui sareng bu Upi dina pangajaran Basa Sunda & Lingkungan.
Kumaha kabarna sadayana? Mugia urang sadayana aya dina tangtayungan Gusti Allah SWT, teras sehat sadayana nya.
Tong hilap jaga kasehatan ku olahraga rutin sareng emam katuangan nu sehat nya shalih shalihah.
Aya nu emut teu pangajaran minggon kamari urang teh diajar naon?
Leres, minggon kamari urang diajar ngaran buah-buahan dina basa Sunda.
Insya Allah dinten ayeuna, aya tugas nu kedah dikerjakeun ku hidep sadayana.
Mangga dicek dina map masing-masing lembar kerja pangajaran Basa Sunda & Lingkungan.
Tong hilap pasihan nami nya dina lembar kerjana.
Upami tos beres, lebetkeun deui ka mapna supados henteu ical.
Mung sakitu pangajaran dinten ayeuna, hapunten bilih aya kalepatan.
Hatur nuhun
Jazakumullah khair.
Wassalamualaikum wr wb

Tidak ada komentar:
Posting Komentar