Bahasa Sunda &
Lingkungan (Kelas 3) Pekan
1
Bismillahirrahmanirrahim
Assalamualaikum wr wb
Wiujeng enjing
murangkalih SD Juara. Insya Allah semester ayeuna Bu Upi bade ngawulang
pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan. Dinten ayeuna urang ngawitan diajar
ngajaga kebersihan tangan.
Murangkalih sadayana, dina kondisi pandemi Korona sapertos
ayeuna. Ngajaga kabersihan sareng kasehatan teh penting pisan dilakukeun ku
sadayana, khususna murangkalih. Salah sahiji cara ngajaga kasehatan sareng
kabersihan nyaeta waawasuh panangan. Hidep tos terang teu acan cara wawasuh
panangan anu leres? Upami teu acan, regepkeun ieu carana:
a. 1. Hurungkeun keran cai
b. 2. Ngaggo sabun dugi ka ngabudah
c. 3. Gosok panangan salami 20 detik
d. 4. Bilas sabun nganggo cai
e. 5. Garingkeun panangan ngangge tisu
Atos
sadayana maca tata cara ngawasuh panangan ? Salajengna aya tugas nu kedah
dilaksanakeun. Perhatoskeun parentahna nya.
Tugas
di bumi :
1. Nyikat
waos
2. Wawasuh
panangan + motong kuku
3. Kuramas
Upami atoos ngalaksanakeun tugasna,
dilajengkeun ku nggagambar rarai nuju seuri dina tabel nu tos disadiakeun. Mung
upami henteu ngalaksanakeun tugas, diisi ku cakra (X).
Jazakumullah
khair shalih shalihah tos diajar sareng bu Upi dinten ieu.
Tetep
kedah jaga kebersihan nya!
Nama : ______________ Kelas
: _____
|
No |
Kegiatan |
Keterangan |
|
1. |
Nyikat
waos |
|
|
2. |
Wawasuh
panangan + Motong kuku |
|
|
3. |
Kuramas |
|

Tidak ada komentar:
Posting Komentar