Bahasa
Sunda & Lingkungan (kelas 5) Pekan 1
Bismillahirrahmanirrahiim
Assalamualaikum wr wb
Wiujeng enjing murangkalih SD Juara.
Insya Allah semester ayeuna Bu Upi bade ngawulang pangajaran Bahasa Sunda &
Lingkungan. Dinten ayeuna urang ngawitan diajar ngajaga kebersihan tangan.
Murangkalih sadayana, dina kondisi
pandemi Korona sapertos ayeuna. Ngajaga kabersihan sareng kaayaan kasehatan teh
penting pisan pikeun dilakukeun ku sadayana, khususna murangkalih. Upami urang
sok ngajaga kabersihan pribadi, panyakit naon oge eunteup. Ngajaga kabersihan
teh nuju usum COVID ieu mah utamina ngajagi kebersihan panangan ku cara wawasuh
panangan.
Kunaon sih urang kedah rajin ngawasuh panangan? Pek tingal gambar di palih dieu.
Wah naon nya eta teh? Aya nu terang?
Muhun leres, eta teh nyaéta gambaran kuman nu aya dina panangan urang. Sabenerna, kumaha nya bentuk kuman upami diperbesar? hayu urang ningali gambar di handap ieu
Hii, sieun nya? Aya nu hoyong dina pananganna aya kuman ieu? Pasti
teu aya nu hoyong nya. Aya nu terang teu kuman ieu teh asalna ti mana sih?
Jadi, tong hilap ngajaga kabersihan unggal dinten nya shalih shalihah.
Tugasna :
1. Nyikat waos
2. Ngawasuh panangan + motong kuku
3. Nyapu
Upami atos salse ngalaksanakeun
tugasna dilajengkeun nggagambar rarai nuju seuri dina tabel nu tos
disadiakeun. J
mung upami henteu ngalaksanakeun tugas, diisi ku cakra (X). Jazakumullah khair shalih shalihah tos diajar sareng bu Upi dinten
ayeuna.
Tetep jaga kebersihan nya!
Nama : ______________ Kelas : V
(lima)
|
No |
Kegiatan |
Keterangan |
|
1. |
Nyikat waos |
|
|
2. |
Wawasuh panangan + Motong kuku |
|
|
3. |
Nyapu |
|
Tidak ada komentar:
Posting Komentar