Assalamualaikum wr wb
Wilujeng enjing barudak kelas 5 SD Juara..
Tepang deui sareng bu Upi dina pangajaran Basa Sunda & Lingkungan
Kumaha kabarna sadayana? Mugia sehat sadayana nya.
Insya Allah dinten ayeuna urang bade diajar materi 'hemat energi'.
hayu urang kawitan maca pedaran dihandap ieu.
Hidep tangtu kungsi ngabandungan warta ngeunaan naekna harga BBM, nu dituluykeun ku tayangan iklan layanan masarakat dina tipi, anu maksudna ngajak masarakat pikeun apik atawa ngurangan ngagunakeun BBM. Eta lengkah pamarentah teh dumasar kana kaayaan minya bumi di alam nu geus pohara kurangna, sedangkeun pangabutuh masarrakat kana minyak bumi terus-terusan ngaronjat. Ku kituna, sangkan masarakat sadar tur paham kana pentingna energi di kahirupan manusa, unggal tanggal 22 Oktober dipieling Poe Energ Sadunya. Energi nu kudu diapik-apik ngagunakeunna teh diantarana, bengsin, listrik, cai, jeung sajabana.
Unggal jalma kudu bisa leuwih apik dina ngagunakeun energi, sabab sumber energi lolobana geus sadia di alam amngrupa anugrah ti Allah Nu Maha Kawasa, kawilang saeutik keneh sumber energi hasil olahan manusa tina kamajuan teknologi. Sumber energi alam moal bisa nambahan, lamun diguunakeun sagawayah, tangtu bakal leuwih tereh ngurangan.
Salahsahiji cara pikeun nu muwuhkeun kasadaran masarakat pikeun apik enggoning ngagunakeun energi, diantarana ku cara terus-terusan midangkeun uar pangajak dina unggal media warta, ku tayangan iklan layanan masarakat atawa ku cara nyebarkeun warta tinulis dina koran, majalah, brosur, stiker, poster, jeung sajabana.
Sabada hidep ngaregepkeun pedaran ngeunaan hemat energi, prak tulis ku hidep barang-barang di sabudeureun hidep nu ngagunakeun bahan-bahan dihandap! Eusikeun dina kolom dihandap
Bensin
|
Listrik
|
Cai
|
Keretas
|
Hatur nuhun bu Upi 😊
BalasHapusHatur nuhun Bu upi
BalasHapus