Rabu, 30 September 2020

Rabu, 30 September 2020 Hemat Energi (kelas 5)

Bismillahirrahmanirrahim
Assalamualaikum wr wb
Wilujeng enjing barudak kelas 5 SD Juara..
Tepang deui sareng bu Upi dina pangajaran Basa Sunda & Lingkungan
Kumaha kabarna sadayana? Mugia sehat sadayana nya.
Insya Allah dinten ayeuna urang bade diajar materi 'hemat energi'.
hayu urang kawitan maca pedaran dihandap ieu.

Hidep tangtu kungsi ngabandungan warta ngeunaan naekna harga BBM, nu dituluykeun ku tayangan iklan layanan masarakat dina tipi, anu maksudna ngajak masarakat pikeun apik atawa ngurangan ngagunakeun BBM. Eta lengkah pamarentah teh dumasar kana kaayaan minya bumi di alam nu geus pohara kurangna, sedangkeun pangabutuh masarrakat kana minyak bumi terus-terusan ngaronjat. Ku kituna, sangkan masarakat sadar tur paham kana pentingna energi di kahirupan manusa, unggal tanggal 22 Oktober dipieling Poe Energ Sadunya. Energi nu kudu diapik-apik ngagunakeunna teh diantarana, bengsin, listrik, cai, jeung sajabana.

Unggal jalma kudu bisa leuwih apik dina ngagunakeun energi, sabab sumber energi lolobana geus sadia di alam amngrupa anugrah ti Allah Nu Maha Kawasa, kawilang saeutik keneh sumber energi hasil olahan manusa tina kamajuan teknologi. Sumber energi alam moal bisa nambahan, lamun diguunakeun sagawayah, tangtu bakal leuwih tereh ngurangan.

Salahsahiji cara pikeun nu muwuhkeun kasadaran masarakat pikeun apik enggoning ngagunakeun energi, diantarana ku cara terus-terusan midangkeun uar pangajak dina unggal media warta, ku tayangan iklan layanan masarakat atawa ku cara nyebarkeun warta tinulis dina koran, majalah, brosur, stiker, poster, jeung sajabana.

Sabada hidep ngaregepkeun pedaran ngeunaan hemat energi, prak tulis ku hidep barang-barang di sabudeureun hidep nu ngagunakeun bahan-bahan dihandap! Eusikeun dina kolom dihandap 

Bensin
Listrik
Cai
Keretas










Selasa, 29 September 2020

Selasa, 29 September 2020 Mikanyaah Sasatoan (kelas 1)

Bismillahirrahmanirrahim

Assalamualaikum wr wb

Wilujeng Enjing barudak kelas 2...

Kumaha kabarna sadayana? Mugia sadayana aya dina tangtayungan Gusti Allah sareng sarehat sadayana. Aamiin

Insya Allah dinten ieu urang bade diajar "mikanyaah sasatoan".

Aya nu terang mikanyaah teh hartosna naon?

Teras upami sasatoan hartosna naon nya?

Hayu urang regepkeun heula pidiona.

Kumaha, tos diregepkeun pidiona?

Tos terang nya ayeuna mah sasatoan teh naon hartosna dina basa Indonesia. Leres, hartosna nyaeta binatang. Insya Allah ayeuna hidep tos tiasa nyebatkeun naon wae ngaran sasatoan dina basa Sunda.

Ayeuna sapertos biasana aya tugas nu kedah dikerjakeun ku hidep, mangga di cek dina map, Lembar Kerja Bahasa Sunda & Lingkungan.



Mung sakitu pangajaran dinten ayeuna.

Jazakumullah khair

Wassalamualaikum wr wb

Tugas kelas 1a dan 1b 
Ngadamel sasatoan tina dadaunan



Selasa, 29 September 2020 Biografi tokoh (kelas 6)

Bismillahirrahmanirrahim

Assalamualaikum wr wb

Wilujeng Enjing barudak kelas 6...

Kumaha kabarna sadayana? Mugia sadayana aya dina tangtayungan Gusti Allah sareng sarehat sadayana. Aamiin

Insya Allah dinten ieu urang bade diajar "biografi tokoh".
Tokoh nu bade di aos ayeuna nyaeta dalang Asep Sunandar Sunarya.
Mangga regepkeu heula pedaran dihandap ieu.

Asep Sunandar Sunarya




Asep Sunandar Sunarya anu leuwih biasa disebut Ki Asep Sunandar Sunarya (gumelar di Bandung, 3 September 1955 – tilar dunya di Bandung, 31 Maret 2014 dina unur 58 taun) nya eta salahsahiji dalang fenomenal dina wayang golek. Malah oba anu nyebutkeun yen anjeunna hiji maestro wayang golek di Indonesia.


Salaku dalang wayang golek, Asep Sunandar Sunarya teu incah balilahan, tetep panceg dina widang garapanana. Rupina Allah SWT parantos nakdirkeun anjeunna pikeun jadi dalang anu saestuna. Anjeunna lir ibarat parantos leres-leres ngahiji, gumulung sareng dunya wayang golek anu dilakonana. Ku kituna rupa-rupa pangajen ti tingkat lokal, propinsi, nasional, malah mancanagara kantos katampi ku anjeunna.

Saumpama teu kongsi aya Asep Sunandar Sunarya, sigana tokoh Cepot dina pawayangan moal kakoncara kawas ayeuna. Alatan kamotekaran sarta inovasi anu diolah kalayan junun ku Asep Sunandar Sunarya, seni wayang golek anu dianggap kampungan ku sababaraha ngaronjat darajatna.

Ngaronjatna ajen seni wayang golek teh, pedah ku Asep Sunandar Sunarya dipintonkeun kalayan motekar, di antarana Cepot anu bisa unggeuk, Buta anuu utah emih, Arjuna anu mentang panah, Bima anu metakeun gadana, sarta papakean wayang-wayangna anu katembongna mentereng.

Hasil perjuangan anu teu eureun dipilampah, boh mangrupa pangasilan dina wujud harta banda, boh sohorna ngaran, kalayang nyorang sagala pangalaman pikabungaheun atawa katunggaran, teu weleh disanghareupan dina sapanjang lalakon kahirupan Asep Sunandar, kalayan kayakinan yen ngawujudna kasenengan mangrupa buah tina kasabaran mangsa nyorang kasusah.

Loba jalma anu henteu nganyahoankeun, yen jalan anu dilakonan ku Asep Sunandar Sunarya dina profesi dalang, kawilang tarahal, malah dina mangsa munggaran nyorang karirna, mindeng narima kritikan anu peureus ti sawatara pihak, utamana ti ramana ku anjeun (Abah Sunarya)

“Unggal kuring ngarengsekeun pintonan wayang, Abah sok nyebut “goreng” (awon) kana hal-hal anu dilakonan ku kuring. Abah teh kolot kuring anu kawilang kucem. Tapi aneh, waktos Abah nyaksian pintonan kuring ngadalang bari diwuwuh ku ngabodor, anjeunna tiasa gumujeng.”
“Pikeun kuring, sakumaha peureusna kritikan ti Abah, jadi pupuk sarta pecut anu jadi pangdorong dina ngaronjatkeun kaparigelan. Kaayaan kuring kiwari, kapan alatan tina lalampahan kamari.” Ceuk Asep

Tugas 
Sabada hidep ngaregepkeun biografi Asep Sunandar Sunarya, prak jieun ringkesanana ku hidep, ku cara ngalengkepan kalimah-kalimah di handap. 
a. Asep Sunandar Sunarya lahir di __________________________
____________________________________________________
b. Widang garepan anjeunna nyaeta ________________________
____________________________________________________
c. Asep Sunandar Sunarya pinunjul dina hal __________________
____________________________________________________
d. Sikep Asep Sunandar Sunarya anu picontoeun nyaeta ________
____________________________________________________
e. Pamendak abdi ngeunaan Asep Sunandar Sunarya nyaeta _____
____________________________________________________

Upami tos dikerjakeun mangga dipasihan nami sareng nomer absen nya.
Mung sakitu pangajaran dinten ayeuna.
Jazakumullah khair
Wassalamualaikum wr wb

Senin, 28 September 2020

Senin, 28 September 2020 Mikanyaah sasatoan (kelas 2)

Bismillahirrahmanirrahim
Assalamualaikum wr wb
Wilujeng Enjing barudak kelas 2...
Kumaha kabarna sadayana? Mugia sadayana aya dina tangtayungan Gusti Allah sareng sarehat sadayana. Aamiin
Insya Allah dinten ieu urang bade diajar "mikanyaah sasatoan".
Aya nu terang mikanyaah teh hartosna naon?
Teras upami sasatoan hartosna naon nya?
Hayu urang regepkeun heula pidiona.

Kumaha, tos diregepkeun pidiona?
Tos terang nya ayeuna mah sasatoan teh naon hartosna dina basa Indonesia. Leres, hartosna nyaeta binatang. Insya Allah ayeuna hidep tos tiasa nyebatkeun naon wae ngaran sasatoan dina basa Sunda.
Ayeuna sapertos biasana aya tugas nu kedah dikerjakeun ku hidep, mangga di cek dina map, Lembar Kerja Bahasa Sunda & Lingkungan.

Mung sakitu pangajaran dinten ayeuna.
Jazakumullah khair
Wassalamualaikum wr wb

tugas kls 2

Jumat, 25 September 2020

Jumat, 25 September 2020 Penilaian Tengah Semester BSL (kelas 3)

Bismillahirrahmanirrahim
Assalamualaikum wr wb
Wilujeng enjing kelas 3 sadayana...
Kumaha kabarna ? mugia sehat sadayana nya.
Insya Allah dinten ieu urang bade ngalaksanakeun Ujian Tengah Semester Hiji.
Kangge kelas 3 mangga kerjakeun soal dina link dihandap ieu.

Tos ngapalkeun sadayana? insya Allah mugi dilancarkeun nya.
Sateuacan dikawitan, hayu urang baca "Basmallah" sasarengan, tong hilap oge maca doa sateuacan diajar nya.

Soal Bahasa Sunda & Lingkungan kelas 3 :
https://docs.google.com/forms/d/e/1FAIpQLSdIaNvVR3nh_a_kz_a39eaWYSNWmci0gxW0Y06H800PNW_XQg/viewform?usp=sf_link

Upami tos beres, ucapkeun "Alhamdulillaah".
Jazakumullah khair shalih shalihah 

Kamis, 24 September 2020

Kamis, 24 September 2020 Penilaian Akhir Semester BSL (kelas 4)

Bismillahirrahmaanirrahim
Assalamualaikum wr wb 

Kangge kelas 4 SD Juara Bandung materi Ujian Tengah Semester pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan nyaeta ngawih tembang judulna “Sabilulungan”. Mangga ku hidep diapalkeun tembangna. 

SABILULUNGAN
Cipt. Mang Koko

Sabilulungan dasar gotong royong
Sabilulungan sipat silih rojong
Sabilulungan genteng ulah potong
Sabilulungan persatuan tembong

Tohaga rohaka
Teguh tangguh perbawa sabilulungan
Sadia sajiwa
Segut singkil ngabasmi pasalingsingan

Sabilulungan hirup sauyunan
Sabilulungan silih pikaheman
Sabilulungan tulung tinulungan
Sabibilulungan kukuh persatuan

Santosa samakta
Teuneung ludeung ngajaring kawibawaan
Saihwan sapahan
Nagri nanjung berekah sabilulungan

Mangga kirimkeun kawih ieu lewat Voice note Whatsapp 
ka nomer bu Upi: 0895 3554 2428 7
diantos dugi ka tabuh 11.00 dinten Kemis.
Jazakumullah khair shalih shalihah 

Rabu, 23 September 2020

Rabu, 23 September 2020 Penilaian Tengah Semester (kelas 5)

Bismillahirrahmanirrahim
Assalamualaikum wr wb
Wilujeng enjing barudak kelas 5 SD Juara
Tepang deui sareng bu Upi dina pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan
Insya Allah dinten ayeuna urang bade ngalaksanakeun Penilaian Tengah Semester atanapi PTS.
Saluyu sareng kisi-kisi anu tos diinpokeun, nyaeta :
Mencari informasi tentang alat Musik Bahan Awi. Boleh memilih angklung/ suling/ calung/ karinding. Kemudian cari informasi tentang :
1. Bahan
2. Asal alat musik
3. Cara ngadamel
4. Cara maenkeun
5. Tokoh alat musik

Tah, hidep tos milih alat musik awi nu bakal dijelaskeun? Tos milarian oge inpormasina ? Upami atos, mangga damelkeun peta konsepna. Conto peta konsep sapertos kieu.

Cara ngerjakeunana nyaeta :
1. Siapkeun kertas HVS A4 (upami aya) 
2. Pasihan Nami, nomer absen sareng tanggal.
3. Damel peta konsep (mangga dikreasikeun bilih bade diwarna atanapi digambar)
4. Wajib dikerjakeun sesuai sareng jadwal
5. Kempelkeun dinten Senen waktos nyandak modul.

Jazakumullah khair

Selasa, 22 September 2020

Selasa, 22 September 2020 Penilaian Tengah Semester 2020 (kelas 6)

Bismillahirrahmanirrahiim
Assalamualaikum wr wb
Wilujeng enjing barudak kelas 6 SD Juara
Tepang deui sareng bu Upi dina pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan
Insya Allah dinten ayeuna urang bade ngalaksanakeun Penilaian Tengah Semester atanapi PTS.
Saluyu sareng kisi-kisi anu tos diinpokeun, tes dinten ayeuna judulna teh ngaregepkeun dongeng/ legenda ti Jawa Barat. Nu bakal di tes nyaeta 


Membaca teks dongeng/ legenda dalam bahasa sunda dari Jawa Barat kemudian menjelaskan unsur dari teks tersebut, yaitu :
a.    Tokohna
b.    Karekter tokoh
c.    Tampat / latar cerita
d.    Amanat cerita


Ayeuna mangga baca teras regepkeun teks carita dihandap ieu


Sasakala Situ Bagendit :: Dongéng

Jaman baheula di hiji lembur aya randa beunghar, ceuk paribasana beungharna Nyi Randa téh éstu lubak-libuk sagala boga. Kakayaanana bru di juru bro di panto.
Éta Nyi Randa téh katelahna Nyi Endit. Awakna jangkung rada ngeusi tapi sorana cempréng. Mun pareng nyarékan bujangna atawa barudak sok laklak dasar bari sorana matak katorékan. Rupana henteu geulis kitu wé saperti urang lembur nu séjén kasebut ngan ukur jajar pasar. Tapi lantaran perbawa kabeungharanana, manéhna asa panggeulisna di lembur éta téh. Sapopoé gawéna ngan ukur midang némbongkeun papakéan jeung perhiasan emas berlian anu sarwa alus. Kongkorong emasna sagedé nyéré digantelan ku liontin sagede jengkol. Beulang kénca katuhu bari alina reunceum dina ramona. Jaba ti éta antingna guntang-gantung beuki tambah gonjleng. Dahareunana, unggal poé ngajagrag dina méja. Iwal ti sangu jeung deungeunna dina méja séjén aya rupa-rupa bangbuahan. Éta kadaharan anu sakitu ngaleuyana téh éstu tara kasoro ku batur, sanajan di imahna téh aya nu babantu. Jadi sanajan loba dahareun gé, Nyi Endit mah tara daék barangbéré ka batur. Tah najan paparéntah kana gawé mah ceréwéd pisan ka bujang téh ari muruhan mah itungan pisan. Ku kituna, ku urang dinya mah Nyi Endit téh katelah Nyi randa medit. Batur salemburna geus apal pisan, meditna Nyi Endit lain baé karasa ku bujang-bujangna tapi ogé karasa ku batur salemburna. Nyi Endit mah tara daék campur jeung urang lembur da cenah sieun karebut harta bendana, tara daék méré sumbangan keur nu miskin. Mun pareng aya nu baramaén ngalanto ka buruanana sok nitah bujangna ngabuburak, ngusir nitah jaun ulah asup ka buruan. Di lembur éta Nyi Endit siga pisan nu hirup sorangan teu maliré ka tatangga, tara daék nulung ka nu butuh tara daék nalang ka nu susah. Sapopoéna nu diriksa ditalingakeun téh ngan ukur harta bandana, sieun aya nu leungit sieun aya nu maling. Leuit nu ngajajar digembok dikoncian, pakéan ditumpuk-timpuk dilomarian, duit disumput-sumput dina handapeun kasur.

Dina hiji poé ka buruanana aya hiji aki-aki. Awakna begéng bari geus bongkok, maké dudukuy samak geus rawing, léngkahna dibarengan iteuk, pakéanana rudin kuleuheu. Éta aki-aki teu kanyahoan ti mana jolna ujug geus ngajengjen hareupeun panto bari pok uluk salam ka nu boga imah. “Assalamualaikum, nu kagungan bumi aya linggih? Punten aki kamawantun … nyuhungkeun sangu sakedik mah… lapar aki téh”. Kitu pokna bari brek diuk dina émpér.

Barang Nyi Endit ngadéngé aya nu pupuntenan bari rék ménta sangu, gancang baé mukakeun panto. Nyi Endit ngabedega dina panto bari tutunjuk, pok ngagorowok “Naon ménta sangu.. naha kami boga dahareun téh beunang barangpénta kitu. Lapar... Usaha atuh lain baramaén”. Nyi Endit pohara ambekna kadatangan aki-aki téh. Lin baé tutunjuk ngusir tapi bari jeung nyuntrungkeun aki-aki ti émpér ka buruan. “Ka ditu indit montong datang ka dieu” bari nitah badegana ngusir aki-aki ti buruanana. Aki-aki teu bisa kumaha, terus ka luar ditungtun ku tukang kebon. Hatena pohara nyerina ngadéngé babasan Nyi Endit anu kasar, ngusir asa popohoan pisan. Barang geus kaluar ti buruan Nyi Endit, éta aki-aki téh teu aya nu nganyahoankeun kamana léosna, tingal iteukna wé nanceb diburuan Nyi Endit, poho mawa meureun aki-aki téh. Ambekna Nyi Endit acan leler, rét kana iteuk anu nanceb, sérénténg baé, iteuk dicabut bari dibalangkeun ka jalan. Tapi anéh bin ajaib, tina tapak iteuk dicecebkeun téh bet bijil cai mancer kaluhur. Beuki lila beuki gedé ngaburial ti jero taneuh nepi ka ngagulidag minuhan buruan. Nyi Endit pohara reuwasanana, manéhna gogorowokan ka bujang-bujangna nitah nyocokan liang cai. Tapi cai lain ngorotan malah beuki gedé, terus lebleban ngeueum sagala nu aya kaasup imah jeung harta banda Nyi Endit. Nyi Endit jejeritan ménta tulung bari teu leupas ngagagandong harta emas berlianana. Tatangga boro-boro hayang nulungan, kabéh mupuas da bongan manéhna gé tara daék tutulung ka batur. Cai anu bijil tina iteuk aki-aki téa beuki gedé ngumpul ngabalong. Imah Nyi Endit ngalelep kakeueum cai, Nyi Enditna tembong ngangkleung di tengah cai bari keukeuh nanangkeup gembolan barang-barangna. Teu kungsi lila Nyi Endit teu tembong deui ngilu tilelep ka jero cai. Éta cai nu terus ngagulidag, beuki lila terus ngabalong gedé pisan nepi ka jadi situ. Éta situ nepi kiwari katelah Situ Bagendit. Pernahna di wewengkon Kabupaten Garut. ( Sumber: Helins / Mangle No. 2281)

Read more: http://archive69blog.blogspot.com/2014/04/sasakala-situ-bagendit-dongeng.html#ixzz6YGnVK6JF



Upami tos beres dibaca, ayeuna aya pananya nu kedah dijawab.
Jawabana diserat di kertas HVS A4. 
Dipasihan nami sareng nomor absen
Unggal jawaban dipasihan nomer
Dikempelkeun dinten Senen di waktos nyandak modul.

Soal


Baca teks carita “Situ Bagendit” kangge ngajawab soal di handap ieu.
1.   Saha wae tokoh nu aya dina carita?
2.   Kumaha wae karakter tokoh anu aya dina carita?
3.   Dimana latar tempat nu aya dina carita teh?
4.   Naon amanat nu tiasa dicandak dina eta carita teh?

      Mangga hidep kerjakeun di dinten anu saluyu sareng jadwalna. Jazakumullah khair.

Selasa, Penilaian Tengah Semester Bahasa Sunda & Lingkungan kelas 1

Bismillahirrahmanirrahim 
Assalamualaikum wr wb 
Wilujeng enjing barudak kelas 2 SD Juara..
Tepang deui sareng bu Upi dina pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan.
Insya Allah dinten ieu urang bade ngalaksanakeun Penilaian Akhir Semester

Seseuai dengan kisi-kisi yang telah disampaikan pekan kemarin. Hari ini silakan kalian melakukan praktek bernyanyi "Dua Soca Abdi" menggunakan bahasa sunda. Urutannya adalah :

1. Menyanyikan lagu "Dua Soca Abdi" dikirimkan dalam format video disertai nama. (Jika lagu sudah dihafal lebih bagus)
2. Mengirimkan foto gigi dan kuku tangan untuk dicek kebersihannya.

Semuanya dikirimkan ke nomor whatsapp bu Upi
Mohon disertakan nama dan kelas.
Jadwal pengiriman
Untuk kelas 1a : 10.00 - 10.30
Untuk kelas 1b : 10.30 - 11.00


Lirik Dua Soca Abdi

Dua soca abdi
pangambungna hiji
Dua sampean abdi
make sapatu anyar

Dua panangan abdi
kenca sareng katuhu
Hiji letah abdi
henteu liren tuang

Senin, Penilaian Tengah Semester Bahasa Sunda & Lingkungan Kelas 2

Bismillahirrahmanirrahim 
Assalamualaikum wr wb 
Wilujeng enjing barudak kelas 2 SD Juara..
Tepang deui sareng bu Upi dina pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan.
Insya Allah dinten ieu urang bade ngalaksanakeun Penilaian Akhir Semester

Seseuai dengan kisi-kisi yang telah disampaikan pekan kemarin. Hari ini silakan kalian melakukan praktek wawasuh panangan sambil diterangkan atau diucapkan menggunakan bahasa sunda. Urutannya adalah :


1.   Peserta didik ngenalkeun diri (nama sareng kelas)
2.   Peserta didik praktekkeun urutan wawasuh panangan bari diterangkeun ngangge basa Sunda
3.   Direkam video nu dipasihan nami sareng nomor absen. Dikirimkeun ka nomor wa bu Upi dinten Senen 21 September 2020 diantos dugi ka jam 14.00 wib.
     
     Mung sakitu tugas nu edah dikerjakeun dinten ayeuna. 
     Jazakumullah khair
Wassalamualaikum wr wb



Jumat, 18 September 2020

Jumat, 18 September 2020 Mikawanoh Kaulinan Barudak (kelas 3)

Bismillahirrahmanirrahim 
Assalamualaikum wr wb 
Wilujeng enjing barudak kelas 3 SD Juara Bandung
Tepang deui sareng bu Upi dina pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan 
Kumaha kabarna sadayana? Mugi urang sadayana aya dina tangtayungan Gusti Allah SWT, sareng mugi sehat sadayana nya. Aamiin
Dinten ayeuna insya Allah urang bade diajar "Mikawanoh Kaulinan barudak" aya nu terang hartosna naon?
mikawanoh artinya adalah mengenal
kaulinan artinya permainan 
barudak artinya anak-anak
jadi hartosna nyaeta "Mengenal permainan anak-anak".
Tah, ayeuna hayu urang regepkeun heula pidio yuk!



Atos diregepkeun pidiona sadayana? Cik, aya nu pernah maenkeun salahsahijina teu?
Jadi, nu aya dina pidio tadi teh nyaeta kaulinan nu biasa dipaenkeun ku barudak jaman kiwari sateuacan rame ku teknologi sapertos ayeuna. Kaulinan barudak ge rame pisan upami dipaenkeun di jaman ayeuna. Mangga hidep cobian nya di bumi masing-masing. :)

Ayeuna aya tugas nu kedah dierjakeun ku hidep. Tugasna aya dina map masing-masing nyaeta di Lembar Kerja pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan. Tong hilap dipasihan nami sareng kelas atanapi nomor absen nya..
Mung sakitu pangajaran dinten ayeuna, hapunteun bilih aya kalepatan. 


Wassalamualaikum wr wb

Tugas 

Kamis, 17 September 2020

Kamis, 17 September 2020 Tokoh Pahlawan ti Jawa Barat (kelas 4)

Bismillahirrahmanirrahim 
Assalamualaikum wr wb 
Wilujeng enjing barudak kelas 4 SD Juara Bandung
Tepang deui sareng bu Upi dina pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan 
Kumaha kabarna sadayana? Mugi urang sadayana aya dina tangtayungan Gusti Allah SWT, sareng mugi sehat sadayana nya. Aamiin
Dinten ayeuna insya Allah urang bade diajar "Tokoh Pahlawan ti Jawa Barat" aya nu terang saha wae tokoh Pahlawan ti Jawa Barat teh saha wae? 
Bu Upi bade ngenalkeun hiji pahlawan ti Jawa Barat. Kira-kira saha nya?
Tah, ayeuna hayu urang regepkeun heula pidio yuk!




Kumaha tos diregepkeun pidiona? 
Saha sih pahlawan nu disebatkeun dina pidio teh? Leres, namina nyaeta Raden Dewi Sartika. Anjeunna teh salahsahiji pahlawan nu asalna ti Jawa Barat. 


Ayeuna aya tugas nu kedah dierjakeun ku hidep. Tugasna aya dina map masing-masing nyaeta di Lembar Kerja pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan. Tong hilap dipasihan nami sareng kelas atanapi nomor absen nya..
Mung sakitu pangajaran dinten ayeuna, hapunteun bilih aya kalepatan. 

Wassalamualaikum wr wb

Tugas 



Rabu, 16 September 2020

Rabu, 16 September 2020 Tokoh Pahlawan ti Jawa Barat (kelas 5)

Bismillahirrahmanirrahim 
Assalamualaikum wr wb 
Wilujeng enjing barudak kelas 5 SD Juara Bandung
Tepang deui sareng bu Upi dina pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan 
Kumaha kabarna sadayana? Mugi urang sadayana aya dina tangtayungan Gusti Allah SWT, sareng mugi sehat sadayana nya. Aamiin
Dinten ayeuna insya Allah urang bade diajar "Tokoh Pahlawan ti Jawa Barat" aya nu terang saha wae tokoh Pahlawan ti Jawa Barat teh saha wae? 
Bu Upi bade ngenalkeun hiji pahlawan ti Jawa Barat. Kira-kira saha nya?
Tah, ayeuna hayu urang regepkeun heula pidio yuk!


Kumaha tos diregepkeun pidiona? 
Saha sih pahlawan nu disebatkeun dina pidio teh? Leres, namina nyaeta raden Dewi Sartika. Anjeunna teh salahsahiji pahlawan nu asalna ti Jawa Barat. 


Ayeuna aya tugas nu kedah dierjakeun ku hidep. Tugasna aya dina map masing-masing nyaeta di Lembar Kerja pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan. Tong hilap dipasihan nami sareng kelas atanapi nomor absen nya..
Mung sakitu pangajaran dinten ayeuna, hapunteun bilih aya kalepatan. 

Wassalamualaikum wr wb

Tugas 

Selasa, 15 September 2020

Selasa, 15 September 2020 Mikawanoh Kaulinan Barudak (kelas 1a dan 1b)

Bismillahirrahmanirrahim 
Assalamualaikum wr wb 
Wilujeng enjing barudak kelas 1a sareng 1b SD Juara Bandung
Tepang deui sareng bu Upi dina pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan 
Kumaha kabarna sadayana? Mugi urang sadayana aya dina tangtayungan Gusti Allah SWT, sareng mugi sehat sadayana nya. Aamiin
Dinten ayeuna insya Allah urang bade diajar "Mikawanoh Kaulinan barudak" aya nu terang hartosna naon?
mikawanoh artinya adalah mengenal
kaulinan artinya permainan 
barudak artinya anak-anak
jadi hartosna nyaeta "Mengenal permainan anak-anak".
Tah, ayeuna hayu urang regepkeun heula pidio yuk!



Atos diregepkeun pidiona sadayana? Cik, aya nu pernah maenkeun salahsahijina teu?
Jadi, nu aya dina pidio tadi teh nyaeta kaulinan nu biasa dipaenkeun ku barudak jaman kiwari sateuacan rame ku teknologi sapertos ayeuna. Kaulinan barudak ge rame pisan upami dipaenkeun di jaman ayeuna. Mangga hidep cobian nya di bumi masing-masing. :)

Ayeuna aya tugas nu kedah dierjakeun ku hidep. Tugasna aya dina map masing-masing nyaeta di Lembar Kerja pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan. Tong hilap dipasihan nami sareng kelas atanapi nomor absen nya..
Mung sakitu pangajaran dinten ayeuna, hapunteun bilih aya kalepatan. 


Wassalamualaikum wr wb

Tugas :

Selasa, 15 September 2020 Tokoh Pahlawan ti Jawa Barat (kelas 6)

Bismillahirrahmanirrahim 
Assalamualaikum wr wb 
Wilujeng enjing barudak kelas 6 SD Juara Bandung
Tepang deui sareng bu Upi dina pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan 
Kumaha kabarna sadayana? Mugi urang sadayana aya dina tangtayungan Gusti Allah SWT, sareng mugi sehat sadayana nya. Aamiin
Dinten ayeuna insya Allah urang bade diajar "Tokoh Pahlawan ti Jawa Barat" aya nu terang saha wae tokoh Pahlawan ti Jawa Barat teh saha wae? 
Bu Upi bade ngenalkeun hiji pahlawan ti Jawa Barat. Kira-kira saha nya?
Tah, ayeuna hayu urang regepkeun heula pidio yuk!


Kumaha tos diregepkeun pidiona? 
Saha sih pahlawan nu disebatkeun dina pidio teh? Leres, namina nyaeta Otto Iskandar Dinata. Anjeunna teh salahsahiji pahlawan nu asalna ti Jawa Barat. 

Ayeuna aya tugas nu kedah dierjakeun ku hidep. Tugasna aya dina map masing-masing nyaeta di Lembar Kerja pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan. Tong hilap dipasihan nami sareng kelas atanapi nomor absen nya..
Mung sakitu pangajaran dinten ayeuna, hapunteun bilih aya kalepatan. 

Wassalamualaikum wr wb

Tugas 

Senin, 14 September 2020

Senin, 14 September 2020 Mikawanoh Kaulinan Barudak (kelas 2)

Bismillahirrahmanirrahim 
Assalamualaikum wr wb 
Wilujeng enjing barudak kelas 2 SD Juara Bandung
Tepang deui sareng bu Upi dina pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan 
Kumaha kabarna sadayana? Mugi urang sadayana aya dina tangtayungan Gusti Allah SWT, sareng mugi sehat sadayana nya. Aamiin
Dinten ayeuna insya Allah urang bade diajar "Mikawanoh Kaulinan barudak" aya nu terang hartosna naon?
mikawanoh artinya adalah mengenal
kaulinan artinya permainan 
barudak artinya anak-anak
jadi hartosna nyaeta "Mengenal permainan anak-anak".
Tah, ayeuna hayu urang regepkeun heula pidio yuk!



Atos diregepkeun pidiona sadayana? Cik, aya nu pernah maenkeun salahsahijina teu?
Jadi, nu aya dina pidio tadi teh nyaeta kaulinan nu biasa dipaenkeun ku barudak jaman kiwari sateuacan rame ku teknologi sapertos ayeuna. Kaulinan barudak ge rame pisan upami dipaenkeun di jaman ayeuna. Mangga hidep cobian nya di bumi masing-masing. :)

Ayeuna aya tugas nu kedah dierjakeun ku hidep. Tugasna aya dina map masing-masing nyaeta di Lembar Kerja pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan. Tong hilap dipasihan nami sareng kelas atanapi nomor absen nya..
Mung sakitu pangajaran dinten ayeuna, hapunteun bilih aya kalepatan. 

Wassalamualaikum wr wb

Tugas

Jumat, 11 September 2020

Jumat, 11 September 2020 Mikanyaah tutuwuhan (kelas 3)

Bismillahirrahmanirrahim 
Assalamualaikum wr wb

Wilujeng enjing barudak kelas 3 SD Juara sadayana..
Tepang deui dina pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan 
aya nu terang dinten ieu bade diajar naon?
Insya Allah dinten ieu urang bade diajar "Mikanyaah tutuwuhan". Mikanyaah teh hartosna atanapi artinya adalah menyayangi. tutuwuhan artinya adalah tumbuhan. 
Kangge materina hayu urang regepkeun heula pidio yuk!



Tos diregepkeun pidiona shalih shalihah?
ayeuna jadi tos terang nya kumaha carana mikanyaah tutuwuhan sareng mangpaat tutuwuhan teh. 
Ayeuna hidep mangga kerjakeun tugas nu tos aya dina Lembar Kerja pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan. Tong hiilap pasihan nami masing-masing sareng nomor absen. 
Mung sakitu pangajaran dinten ieu, punteun bilih aya kalepatan. 
Hatur nuhun


Wassalamualaikum wr wb

Tugas kelas 3 



Kamis, 10 September 2020

Kamis, 10 September 2020 Hidroponik sederhana (kelas 4)

Bismillahirrahmanirrahim 
Assalamualaikum wr wb

Wilujeng enjing barudak kelas 4 SD Juara sadayana..
Tepang deui dina pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan 
aya nu terang dinten ieu bade diajar naon?
Insya Allah dinten ieu urang bade diajar "Hidroponik Sederhana". Minggon kamari hidep tos ngalaksanakeun proyek ngabibit tutuwuhan nyaeta kacang-kacangan. Dinten ayeuna urang bade neraskeun proyekna nyaeta ngadamel Hidroponik sederhana. Mangga regepkeun heula pidio tata carana nya.


Tos diregepkeun pidiona shalih shalihah?
ayeuna jadi tos terang nya kumaha carana mikanyaah tutuwuhan sareng mangpaat tutuwuhan teh. 
Ayeuna hidep mangga kerjakeun tugas nu tos aya dina Lembar Kerja pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan. Tong hiilap pasihan nami masing-masing sareng nomor absen. 
Mung sakitu pangajaran dinten ieu, punteun bilih aya kalepatan. 
Hatur nuhun


Wassalamualaikum wr wb

Tugas kelas 4 


Rabu, 09 September 2020

Rabu, 9 September 2020 Hidroponik sederhana (kelas 5)

Bismillahirrahmanirrahim 
Assalamualaikum wr wb

Wilujeng enjing barudak kelas 5 SD Juara sadayana..
Tepang deui dina pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan 
aya nu terang dinten ieu bade diajar naon?
Insya Allah dinten ieu urang bade diajar "Hidroponik Sederhana". Minggon kamari hidep tos ngalaksanakeun proyek ngabibit tutuwuhan nyaeta kacang-kacangan. Dinten ayeuna urang bade neraskeun proyekna nyaeta ngadamel Hidroponik sederhana. Mangga regepkeun heula pidio tata carana nya.


Tos diregepkeun pidiona shalih shalihah?
ayeuna jadi tos terang nya kumaha carana mikanyaah tutuwuhan sareng mangpaat tutuwuhan teh. 
Ayeuna hidep mangga kerjakeun tugas nu tos aya dina Lembar Kerja pangajaran Bahasa Sunda & Lingkungan. Tong hiilap pasihan nami masing-masing sareng nomor absen. 
Mung sakitu pangajaran dinten ieu, punteun bilih aya kalepatan. 
Hatur nuhun


Wassalamualaikum wr wb


Tugas kelas 5 :


Rangkuman Materi BSL kelas 2

  Assalammualaikum Anak-anak untuk mempermudah pembelajaran dan persiapan menuju PAS BSL semester 1.. ibu lampirkan disini rangkuman materi ...